hate ngarasa honcewang
ting sareblak teu puguh rarasaan
jantung ratug tutunggulan
aya naon poe ieu?
teu karasa cai panon nyurudcud
kuring ngarasa tunggara taya papadana
kasaha kuring ngadu?
ka bapa?
ka ema?
ka panon poe nu moncorong?
ka jukut nu ngemplok?
ka ibun?
ka recetna manuk?
LAIN?
ngan ka Gusti panglumpatan lara.